Sabtu, 31 Maret 2012

carita numatak biwir jadi monyong

       Uyut Ucup nuju nyukur gundul hulu lutung buntung buntut luhur hunyur . lutung ujug-ujug tuturubunturun nurugtug nyusul-nyusul kukupu lucu nu muluk numbul luhur puncuk kucubun. 
Uyut kukulutus,"lutung ucut burung,lurustunjung!"tuluy mulung suluh hurung lung,lung,lung... pluk nutug buuk jujuu..Gurubug juju ,"duh Uyut, buuk juju hurung tuluuuuung ."Buru-buru Uyut Ucup nuyun jujumuru sumur tuluy mulung buyung ...cur..cur..cur.. juju kuyumut ,nguyung murukusunu, tuluy pundung .

Sabtu, 10 Maret 2012

Kabayan angkat ka réstoran

     Hiji poé si kabayan angkat ka Bandung, sup ka hiji réstoran sabab kabitaeun ku kadaharan roti lonyod di beulah, di tengah di selapan daging jeng sayuran. Tenyahoen ngarana mah. Teras si kabayan mesen ka si pelayan
kabayan:"Hayang nu siga kie!".Bari nunjuk gambarna.
Teu lila sor hotdog panas. Méméh di dahar enyana nelek-nelek pesenan téa,malah rada di buka saeutik rotina,bréh baé daging lonjod némpél kana daun saladah. Bakat ku panasaran Si Kabayan ngalukat pelayan.
Kabayan:"Naon ieu  téh ari ngarana, jang ?"
Pelayan  :"Hotdong!"
Kabayan:"naon ari hot, naon ari dog? da asa lain kie hotdog mah "
Pelayan  :"hot artina panas,dog hartina anjing"
Kabayan:"lain Dogdog kendang sapotong?"kawasna innyana ruruntug tukang réog .
Kabayan:"Hah,jadi ieu téh beulem kicik nyah?"bari morongos
Kabayan:"Haram deuleu nu kieu di jualan!"pokna ti popolotot.
Pelayan  :"lain kicik ieumah, kan, saging sapi , nyan ngaranabae Hotdong."Pelayan nerangken bari rewas.
Kabayan:"tong nga bobodo déwék,piraku ari ngarana kitu ari barangna séjén! yeuh bukti oge...buntutna!"
bari giwing-giwing sosis kana beunget pelayan